Subscribe by RSS RSS Icon
Follow me on Twitter Twitter Icon

Malam minggu siga batu..

Poe ieu sayah jaga sore deui. Asa masih siga kamari..sepi weh sore teh, pedah hujan kitu? Pas ashar balik kuliah memang geus mendung bae pihujaneun..tapi buru nyampe warnet. Kajeun geus satengah opat ge da maksakeun hayang sare heula. Nya ngagurubug hudang-hudang jam 4, buru-buru mandi terus geus rapi mah ka handap ngagantian elia jaga. Katingal di luar hujan ngiricik maturan sayah sore ieu..ahh asa sok tiiseun kieu nya..

Nepi ka maghribna..suasana teh masih tiiseun sanajan ayeuna teh malem minggu, duka teuing kamarana user teh.biasana mah sok rame ari malem minggu teh..nya keur nu ngajomblo mah meureun mending online di warnet daripada jalan-jalan, he he nya atuh da teu asik meureun manya jalan-jalan sorangan. Tapi duka teuing oge pedah hawa hujan sore-sore meureun jadi weh males datang ka warnet mending ngarengkol di imah meureun nya..

Rada keuheul mun geus aya budak laleutik nu hayang ngenet..komo bari rese teh, asa hayang ngajitakan mun teu inget anak batur mah hehe. Nya budak leutik atuh maen naon..maen game meureun da ari ngan klak klik bari teu bisa, meakeun billing wae. Komo geusana ribut leungit sendal..euuuh keur mah mood sayah teh keur teu ngareunah. mani asa hayang nyarekan mun teu inget eta teh ngan budak leutik heu heu..

Loba malaweung ah jaga teh..inget ka tugas kuliah jeung poe senen, sakapeung mukaan facebook nu corengcang..haroream..na naon wae nya batur mah mukaan facebook nepi ka lila teh. Dunia maya..heu euh semu tea keur kangenahan nu sakeudeung, nempo awewe geulis da jauh atuh ngan bati ngarahuh wae meureun nu ngajomblo mah. wkwkwk...ahhh teu kudu facebookan ari hayang menang awewe mah..usaha we di dunia nyata. tong rajin teuing nongkrongan internet da moal kaluar awewe geulis tina komputer heu heu..

Nulis ieu ge teu anggeus-anggeus..sakapeung hayang chating heula jeung babaturan, sakapeung hayang sms an heula meakeun pulsa sms nu masih sarebu keneh. sakapeung malaweung deui mikiran anu jauh..ahhh bener hate teh kumalayang bae ngalayang-ngalayang kamana-mana teu puguh tungtungna. hayang mah bisaan jiga batur..pinter itu ieu tapi ari geus nongkrong hareupeun kompi mah bengong deui bengong deui..haduh gusti ya alloh iraha saya bisa berobah jadi lewih sae deui..da sayah teh hayang ngarasaan jadi jelema junun jiga batur. Meureun sayah teh loba dosa jadi we rezeki teh kasendat wae..loba teuing maksiat jadi weh otak teh mintul..hate teuas loba mikiran nu teu paruguh. Duh Gusti ngan bati ngarahuh wae kitu kieu salah..

Ahhh hirup mah kudu dilakonan kajeun sok kadang-kadang mah ngarasa bosen..tapi kudu dikumaha deui..mung bisa mihareup ngadu'a tur usaha muga-muga Gusti Alloh maparin kamudahan keur sayah dina ngajalanan hirup ieu amiin..

Geus ah jadina teh curhat bae..he he

Hareeng ( Dibacana Hare Eng ) alias Sepi

Hari ini sayah jaga sore..da emang sayah mah banyakan kebagian sore jaga teh, kalo pagi mah saya ke kampus. Kuliah ceritana mah..Jam 4 sayah udah stand by di kursi panas anu geus bulukan tea. Teuing da sampe ayeuna korsi admint teh teu diganti-ganti. Sakapeung mah sok hayang diuk dina korsi direktur tapi da rumasa can jadi direktur jadi di ngenah-ngenah we lah kajeun diuk dina korsi bulukan ge..sugan isukan pageto bisa kabeuli korsi direkturna, sugan we eta ge manggih milik, diparengkeun ku Gusti Alloh jadi jelema sukses. Hehe ngayal we tungtungna mah..

Asa tumben tadi mah jam 4 teh mani sepi..biasana mah rame. Heu euh da nu ngenet teh kadang sok teu bisa diprediksikeun, kadang sepi kadang rame. Tapi beda deui reaksi ope na ..mun rame kadang atoh da bisa menang setoran nu lumayan..tapi mun pas rame teh, rame oge pamenta userna. Nu ngeprint..nu menta di pangketikeun, nya kadang sok dibarengan ku masalah komputer, masalah koneksi, masalah printer, eta kabeh geus jadi kadaharan Ope sapopoe. Sabar we Ope mah kajeun gaji leutik ge ( Alhamdulillah ketang hehe ) da kudu dikumaha deui kudu kitu jalan hirupna. Halah pasrah pisan hehe..

Tapi ketang geus maghrib mah rada ayaan user teh komo geus isya mah rada pinuh oge..Alhamdulillah kajeun can nepi kamari pernah pinuh jeung rada mucekil bebenangan tapi nya Alhamdulillah we kudu disyukuran da sagala rupa teh, pan mun di syukuran mah rezeki ge nambahan. Da timana atuh jeung ngagaji ope ari lain ti user nu ngenet mah..makana Ope kudu bisa narik user beh sina ngenet ka warnet urang. sugan we ari beunangna alus mah gaji ope bisa naek..

Euweuh kajadian anu matak jadi lucu ato jadi kainget sayah poe ieu, nu pasti tadi jam satengah tujuh sayah kaluar heula ngadadak hayang nasi uduk Pak entis nu aya di jalan Merdeka, nya untungna aya sapedah si Jesrel nyampak hareupeun panto..diinjem heula rek ka Jalan Merdeka dahar nasi uduk. Di jalan mikir heula..rek dahar diditu atawa dibawa ka warnet, tapi sanggeus difikir-fikir dahar diditu we lah beh rada tumaninah. Halah siga sholat wae..resep we kitu nyokotan gorenganana. Lima rebueun ge matak wareug. Alhamdulillah gusti masih diparengkeun resep kana kadaharan jeuleuma..coba mun sayah dibere kalainan siga embe nu resep ngadaharan jukut atuh meureun eta pakarangan imah jelema beak didaharan atawa lapangan sepak bola deket kampus jadi makan siang sayah hehe. Heu euh sok tara mikir kadinya..ari kadaharan jelema teh pan beda jeung kadaharan sato, tapi kadang aya we nya jelema resep kana kadaharan sato. Ah teuing eta mah..meureun jelema teh geus bosen kanu kadaharan jelema pas nyobaan ngadahar jukut asa ngenah cenah, majarkeun kena jadi vegetarian padahal mah siga embe hehe.

Kadang mikir jadi Ope ngenahna naon wae nya jang meakeun waktu 8 jam? Maen Facebook bosen..Ngeblog? Kadang males nulis..Ngemail? ngirim email ka saha..ah kadang sok sering bengongna. Ari rek belajar jang isukan kuliah..komo deui alesana teh teu konsen cenah hehe. Alesan nu dijieun-jieun eta mah jujur we males wkwkw.

Ah teu karasa geus jam 12..Geusan ah bosen diuk we dina korsi bulukan teh, mending dina kasur di kamer..bari ngeukeupan guguling. Heu heu da pamajikan mah can boga..wayahna we guguling jadi pelampiasan he he he. Waktuna nyieun laporan...euh isukan kuliah jam 10 asa haroream euy. tapi boga bisnis foto copian jeung barudak. Cag heula ah..

Awal Mula Sejarah Blog ini..

Konon kabarnya..di daerah Bogor, tepatnya di jalan Semeru no 54 Ruko 2 ada sebuah warnet yang namanya PRIMA.NET. Kalo ada yang nanya kenapa dinamain PRIMA.NET? Karena PRIMA adalah nama anak ceweknya si Ebos. Yah tapi walo si Ebos punya anak cewek..tapi itu bukan berarti sayah bisa ngecengin anaknya si Ebos..da anakna teh masih leutik keneh. Masa sayah mau ngecengin anak SD kelas 1? Gini-gini juga emak jeung bapak teu ridoeun sayah jadi Phedofilia wkwk, hayangna mah sayah punya anak incu beh seneng bapak jeung ema teh. Hehe.

PRIMA.NET teh udah jalan sekitar hampir 3 tahunan. Tepatna mah sayah kurang hapal da gawe di dinya ge warnet na udah buka. Ari sayah mah di dinya geus hampir 2 tahunan..2 kali lebaran 2 kali puasa..bang toyib teu balik-balik hehe. Pertamana mah saya teu bisa..ngan beuki kadieu sayah ge jadi pinter, istilahna mah sok pinter..apalagi sama user yang agak-agak herang..beuh cai herang meureun hehe.

Segitu sajah perkenalannya yah jangan banyak-banyak nanti eungap...


 
Keluh Kesah

Ini cuma cerita ope "sakit" yang suka gak jelas kalo lagi jagain warnet. Bermacam-macam ceritanya setiap hari..walo terkadang sering membosankan..dan ah teuing sok hararewa we..he he . Read More

XHTML/CSS validations
Valid XHTML 1.0 Transitional Valid CSS!